Lompat ke isi

Fonologi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Fonologi (Tata Sora) nyaéta widang élmu basa anu maluruh cara ngawangun katut makéna sora basa.[1] Fonologi ngawengku dua: fonémik jeung fonétik.[1] Fonétik anu maluruh cara ngawangun sora basa ku pakakas ucap, fonémik mah anu maluruh foném-foném hiji basa. Ari foném nyaéta sora basa anu pangleutikna anu miboga kagunaan pikeun ngabédakeun harti.[1]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b c Suwondo, Dodo (2018). Pangajaran Basa Jeung Sastra Sunda: Panuyun Sangkan Bisa Ngajarkeun Basa Sunda Pikeun Mahasiswa jeung Guru PAUD/TIK. National Library of the Netherlands (original from Leiden University Libraries): Penerbit YNHW. hlm. 5. ISBN 9786025069314. Diaksés tanggal (disungsi – 13 Fébruari 2025).

Kategori:Basa